Thursday, October 12, 2006

Meuni asa dosa ka kel. Sumawihardja keluarga besar ti pihak papap. Kunaon cik???? gara-gara Daffa teu tiasaeun ngobrol sunda, ngertos ge kadang-kadang kitu. Padahal abi jeung pun lanceuk nu orang Palembang tea, pami ngobrol teh sok ngangge bahasa sunda, sanajan pun lanceuk teh sok sunda nu rada kasar tea. Keudah di maklum we, da nembe sapuluh taun anjeuna teh calik di tanah pasundan teh. Abi gaduh tekad, Daffa keudah nyarios bahasa sunda di bumi sanajan Daffa teh aya darah Palembangna.

Nuju Daffa orok, abi sok ngahaleuang lagu-lagu sunda siga lagu tihoncewang, borondong garing, pupuh kinanti jeung sajabana. Naha ari daffa tos baceo, diajarkeun teh lagi Nidji hehehehe. Lagu sunda naon nya, nu pondok nu tiasa enggal diapalkeun ku barudak. Tadina abi bade ngajarkeun lagu abdi teh ayeuna gaduh hiji boneka, teu kinten saena sareng lucuna, tapi eta mah lagu barudak istri atuh nya, da daffa mah teu gaduh boneka nu lucu hihihi.

Di blog wsab oge nuju ngabahas lagu-lagu sunda, janten sono hoyong ngadangukeun lagu-lagu sunda teh. DI tv lokal Bandung aya acara nu midangkeun lagu sunda, duh naon judul acarana teh hilap. Ngan pas acara eta teh, aya nu nelepon bari nyanyi hihihi. Nenek Tintin (tuh da bet nyebatkeun nenek keudahna mah Nini atanapi Enin nya) salah sahiji ninina Daffa sering nelepon nyanyi di acara eta teh, eta oge salah sahiji kunaon acara eta teh janten paporit abi hihihi, ngadangukeun ninina daffa ngahaleuang.

Posted by dinnykaa in 06:44:10 | Permalink | Comments (14)